Kunaon
bet Hese Disiplin teh?
KABIASAAN
anu
dipigawe teh nangtukeun kapayunna kumaha, Sob.
Kabiasaan anu sae bade ngahasilkeun hiji hal anu sae, tangtos oge sawangsulna.
Nanging kanggo ngabiasakeun kabiasaan sae eta teh henteu gampil. Naha? Margi, jalmi
ngagaduhan sipat ngadasar sapertos condong sagala males.
Biasana,
jalmi condong enggal bosen lamun ngalakukeun kagiatan anu sami dina jangka waktos
anu lami. Prilaku anu kitu teh kalawan prilaku henteu disiplin, Sob. Saleresna nanamkeun prilaku
disiplin eta gampil lamun urang ngarasakeun na kalawan bungah. Cara kahiji nyaeta
ngalahkeun diri sorangan. Maksadna elehkeun prilaku awon anu aya dina diri
kalawan ngajadikeun prilaku sae.
Lakonan
kagiatan anu macu diri urang supados tiasa berprilaku disiplin. Contona,
beberes kamar saminggu sakali kitu. Tah eta teh mangrupa prilaku disiplin lamun
urang ngalakonan kagiatan eta, Sob.
Pamungkas
myaeta fokuskeun pikiran dina tujuan akhir anu hoyong urang capai. Perkawis sapertos
ieu pisan anu tiasa memotivasi diri, teras usaha ku cara naon oge kaasup
ngalakukeun prilaku disiplin.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar